Jun 26, 2011

Taya anjeun

wewengkon tuangRama...
bandung 21022010

Wanci teu karasa terus melesat, enya hirupmah lir balebat

“bagea… kembang balebat, ditaman mandala purwa. Naon bacaeun ayeuna, maca beurang ku beurangna, ngaji peuting ku peutingna dereseun na papantunan. Da hirup ngan sakolebat, diudag-udag balebat, ditutur-tutur ku layung ngalungsar diperjalanaaaan….., Naon Bacaeun isukan ?, Saha nu terang”

enya satemena, ari dina lengkah-lengkah hiji manusa anu hirup kumbuh dina kahirupan waktu teh teu karasa,… mmhh ku sibuk tea meureun da ari keur sawareh deui mah mangsa teh asa nyangsaya teu maju-maju ukur cicing dina dimensi rohang panglamunan.

Aya nu datang, aya anu miang … geus ilaharna....

Cimata kuring

: pelog

duh… layung ngempur

titipan kuring ti gunung

ngagalindeng lagu gandrung

Apan eta sora urang

nembangkeun asih kasmaran

apan eta sora urang nu anteng na panineungan

duh … hiliwir angin

ngoyagkeun kembang arusik

ngegeterkeun lelembutan

apan eta batin urang

nu eling silih langlangan

apan eta batin urang

nu sono silih longokan

basa langit geus reupreupan

nu gandrung kasilih liwung

aya renghap rarandegan

harewos halon pisan

nu miang taya raratan

basa peuting simpe jempling

baluweng leungit hariring

hujan ngecrek sapeupeuting

caina cimata kuring

duh … cimata kuring


Mun seug anjeun di dieu.

Hayang teuing matrikeun peradaban purba dina hate

nu ngarileu sab kaendahan salilana miyuni kala

Sajarah ukur dongeng nu diayun-ambing biwir garing

Mun seug anjeun di dieu. Bakal karampa hate-hate

nu raca nyangkaruk di pilemburan rumasuk dina

heab kalamangsa. Diri nu bolostrong diajenan

sapuruluk kencring nu dianggit dina jurit ideologi

Taya bayana nalian kayakinan nu teu dikadalian

Mun seug anjeun di dieu. Naha saresmi ngahegak nepi ka

dieu? Kapan orgasmus ukur udagan bet netetaraje teu

dipalire. Heup bae rek dikumahakeun

Urang: Arca budaya –hate nu ngabatu

Hanjakal

Taya anjeun

hanjakal teu aya anjeuna ayeumah,, da biasana mah anjeuna sok sasarengan sareng simkuring teh... mugia gusti maparin kasehatan sareng kabagjaan kanggo anjeuna...

No comments:

Post a Comment

Ayo semua...

jadikan hidup kita lebih berarti dan bermanfaat bagi kita
bagi dunia kita...

salam selalu untuk Kalian...